SemutAspal

6 Pidato Bahasa Sunda Singkat (Biantara)

Pidato bahasa Sunda pendek
Pidato bahasa Sunda (biantara)

Pidato bahasa Sunda mungkin akan kamu temukan di pembukaan acara-acara tertentu. Pidato atau biantara bahasa Sunda adalah kegiatan mengemukakan aspirasi di depan umum menggunakan bahasa Sunda.

Kosakata yang digunakan dalam biantara biasanya bersifat formal karena disampaikan pada kegiatan resmi seperti upacara sekolah, pertemuan alumni, hingga upacara adat seperti seserahan pengantin.

Struktur Biantara

Struktur pidato bahasa Sunda terdiri dari:

  1. Salam pamuka (salam pembuka)
  2. Mukadimah (pendahuluan)
  3. Ngahaturkan pangwilujeung kanu hadir (ucapan terima kasih atas kedatangan)
  4. Eusi biantara (isi pidato)
  5. Sanduk-sanduk menta dihampura jeung maca doa (mohon maaf dan doa penutup)
  6. Salam panutup

Pidato Bahasa Sunda

Untuk lebih memahaminya, simak contoh pidato singkat bahasa Sunda berikut ini.

1. Contoh Biantara tentang Pendidikan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Promo garansi Shopee

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadayaanu dipikacinta ku sim kuring. Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “Wajib Belajar Pendidikan Dasar”.

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu.

Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa menangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu. Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkanwarga nagara palinter.

Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakatIndonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakalkalindes ku kamajuan jaman. Diharepkeun dina diayakeunna program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesiatiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan.

Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Haturnuhun kanu sadaya perhatosannana.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Sampurasun.

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirobbikalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat.

Rerencangan anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, simkuring bade nerangkeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna di kawitan ti ayeuna. Dina salah sahiji hadits diterangkeun.

“Annadhofatu minal iman”

Nu hartosna: “Kabersihan teh sabagian tina iman” Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuanna, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersihatanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, anu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didadarkeun dina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allahumma, amiin. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Rerencangan sadaya anu dipihurmat. Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

3. Pidato Sunda Singkat tentang HUT Yayasan

Assalamu’alaikum Warohmatullohi wabarokatu.

Bapa miwah Ibu, sareng hadirin hormateun sim kuring. Wilujeng enjing Dina raraga mieling milangkala Yayasan Atikan, anu kadua puluh dua taun. Insya Alloh bakal dieusi ku sababaraha kagiatan, nyaeta Pasanggiri Biantara Basa Sunda sareng pasanggiri Jaipongan.

Dina emutan sim kuring, henteu aya lepatna upami ngalangkungan seni, sadayana sauyunan ngabingbing atanapi ngageuing para pamuda. Anu janten udagan, supados para pamuda teh tiasa ngajenan basa sareng seni titinggal karuhunna. Malah dugi ka tiasa numuwuhkeun kreatifitas-na. Ari sanes ayeuna iraha deui atuh. Sareng ari sanes ku urang mah atuh ku saha deui tradisi budaya Sunda teh diajenan. Bangsa deungeun oge seueur mu katarik ningali pintonan kasenian Sunda teh. Dugi ka di nagrina mah, seueur siswa nu dialajar gamelan sagala rupi.

Pamungkas, tangtos bae dina lumangsungna ieu kagiatan, seueur keneh kakiranganana, kukituna hapunten anu diteda. Henteu hilap, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa Ketua Yayasan, Bapa Kapala Sakola, anu parantos ngaping sareng ngabingbing sim kuring saparakanca. Mugi-mugi sadaya amalna kenging pangbales anu langkung ageung ti Alloh SWT.

Billahi taufik wal hidayah, wassalamu ‘alaikum Warohmatullohi wabarokatu.

4. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Contoh sanduk sanduk biantara
Pidato Sunda pendek

Assalamualaikum Wr. Wb.
Asshaduallailahaillalah wa asyhadu anna muhammadar rasulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempetan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawarga, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajaran nana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat, nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampaikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

5. Contoh Biantara tentang Kesehatan

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Gusti nu Maha Esa, nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan janten tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring. Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.

Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, dugi ka nyikat waos. Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, terus lamun batuk atawa beresin ge kudu nutupan supados henteu nularkeun virus ka batur.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan, hatur nuhun kana perhatosannana.

Wassalamu ‘alaikum Warohmatullohi wabarokatu.

6. Biantara Sunda Singkat tentang Kemerdekaan

Assalamualaikum wr.wb.

Simkuring selaku ketua karang taruna ngucapken rebu haturnuhun kasadayana pamuda anu parantos ikut serta dina terselenggarana iyeu acara 17 Agustus, moga-moga kuayana acara iyeu nambah kacintaan urang sadaya ka NKRI sareng jasa para pahlawan anu tos berjuang kanggo kamerdekaan RI.

Kukituna abdi ngajak kasadaya pamuda pamudi hayu urang sasarengan ngajaga iyeu kamerdekaan kalayan jadi jalema anu lewih hade dei, jadi jalma anu mangfaat kanggo sesama, jadi jalma anu mere conto bener kabudak. Sia-sia pengorbanan para pahlawan baheula upami teu tiasa ngajagi kalakuan urang.

Inti tina pidato iyeu urang supaya eling terus kajasa para pahlawan pendiri bangsa anu parantos ngintunken urang sadayana, mugi-mugi arwah dipasihan tempat anu paling indah di akherat, amin.

Sakitu ti abdi salaku ketua karang taruna moga-moga aya mangfaatna, hampura bilih aya cariosan anu teu enakeun dihate sararea.

Wassalamualaikum wr.wb.

Itulah contoh pidato bahasa Sunda singkat atau dikenal pula dengan biantara. Jika kamu ingin membuat biantara Sunda pendek sendiri tapi terkendala bahasa, bisa gunakan alat translate bahasa Sunda.


Dapatkan berita terbaru! Ikuti kami di Google News dan dapatkan kabar terupdate langsung di genggaman.

Promo garansi Shopee
Yosua Herbi
Herbi adalah seorang Web Developer asal Jawa Tengah lulusan D-3 Manajemen Informatika. Memiliki pengalaman dan kecintaan di bidang geopolitik, keuangan, pemrograman, digital marketing, dan sosial.